Pages

Portal Berbagi, Kata-kata mutiara, Kata kata bijak, Kata Kata Motivasi, Kata Kata Romantis, Kata Kata Cinta, Contoh Soal Psikotes, Contoh Resensi, Contoh Moto Hidup, Contoh Surat Resmi,

16/04/15

Contoh Pidato Idul Fitri Bahasa Sunda

TEMA = KETURUNAN YANG THAYYIB
Sembah sujud pangabdian pamujaan, tinuju wungkul ka Allah nu Miheman Welas Asih, Nu neteskeun hidayah rohmat-Na ka saha bae nu ibadah numutkeun galur Rasulna.
Para wargi miwah para sepuh nu dimulyakeun ku Allah

Alhamdulillah mangrupakeun pujian nu paling pantes kaluar tina lisan sarta ngawujud dina amalan urang sadaya, lantaran ku qudrah sareng iradah mantena urang sadaya tiasa riung mungpulung, patepung lawung patepang wajah dina kaayaan sehat wal afiat  bari dibarung ku kayakinan anu kuat yen teu aya hiji kajadian anu tumiba, hiji peristiwa nu karandapan ku manusa dina kahirupan alam dunya anging parantos ditetepkeun taqdirna, di antara eta taqdir the nyaeta teu lami deui bakal kajadian sarta dirandapan ku dua insan nu nyanding di payuneun urang sadaya. Kumargi kitu urang sadaya miharep mugia takdir nu kaalaman ku dua mempelai mangrupakeun takdir Allah nu pangsaena.

Hadirin Rohimakumullah.

Hidep duaan tinangtu miharep sangkan engke boga budak nu soleh. Kitu harepan sadayana ibu-rama. Namung teu sakedik ibu-rama nu sok tara merhatikeun hal-hal nu nyababkeun kasolehan anak, padahal moal aya akibat mun teu aya sabab. Hartosna kasolehan budak teu tiasa sim salabim aba kadabra, moal ujug-ujug ces pleng. Dalah teu sakedik ibu-rama nu teu pati ngarti naon anu disebut sholeh. Sakapeung budak nu soleh the sok dianggap nu ngagugu sagala kayang kolot.
Sangkan hidep duaan boga turunan nu soleh sarta bisa merenahkeun harti budak nu soleh, mangga urang sami-sami perhatoskeun doa nu diucapkeun ku Nabi Zakaria nalika mantena sareng geureuhana parantos udzur, berusia lanjut, dalah geureuhana parantos mandul.

رَبِّ هَبْ لِي مِنْ لَدُنْكَ ذُرِّيَّةً طَيِّبَةً إِنَّكَ سَمِيعُ الدُّعَاءِ

Nu gusti, mugi gusti maparin turunan nu thayyib. Saestuna Anjeun Maha Nu Ngadangu doa. Q.s. Ali Imran:38
Tina ieu doa urang tiasa ningal kumaha tarikna harepan Nabi Zakaria sangkan gaduh katurunan, namung nu diharepkeun sanes sakadar katurunan, tapi turunan nu boga sifat tayyib. Ana kitu naon nu dimaksud turunan tayyib dina doa Nabi Zakaria?
Samemeh ngabahas harti turunan nu tayyib, urang bahas heula naon hartina tayyib?
Thayyib the kecap nu sok dijadikeun sifat dina bahasa Arab. Ditilik tina jihat harti, thayyib mangrupakeun kalimat musytarakah, nyaeta mibanda rupa-rupa harti gumantung maushuf atawa kecap nu disifatana, saperti tha’amut thayyib (dahareun nu thayyib) atawa saperti dina dawuhan Allah
يَاأَيُّهَا النَّاسُ كُلُوا مِمَّا فِي الْأَرْضِ حَلَالًا طَيِّبًا وَلَا تَتَّبِعُوا خُطُوَاتِ الشَّيْطَانِ إِنَّهُ لَكُمْ عَدُوٌّ مُبِينٌ (البقرة : 168)
وَكُلُوا مِمَّا رَزَقَكُمُ اللَّهُ حَلَالًا طَيِّبًا وَاتَّقُوا اللَّهَ الَّذِي أَنْتُمْ بِهِ مُؤْمِنُونَ (المائدة :88)

Aya oge dzurriyatan thayyibah atawa saperti dina dawuhan Allah
الَّذِينَ تَتَوَفَّاهُمُ الْمَلَائِكَةُ طَيِّبِينَ يَقُولُونَ سَلَامٌ عَلَيْكُمُ ادْخُلُوا الْجَنَّةَ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُونَ (النحل : 32)
Dina buku-buku nu ditulis ku basa Indonesia atawa terjemahan, kecap thayyib sok dihartikeun yang baik, nu hade. Sahingga teu aya bedana antara thayyib salaku sifat tuangeun jeung thayyib salaku sifat manusa. Duanana sami-sami ditarjamah yang baik, nu hade. Padahal saleresna eta tarjamah the kurang merenah, ngan kulantaran hese milarian pibahasaena, muradif atawa padanan kata na. Imam al-Maraghi, Tafsir al-Maraghi juz XIV:75, nguningakeun:

كلمة مختصرة جامعة لكثير من المعاني

Thayyib the kalimah nu ringkes, tapi mibanda harti nu lega
Ar-Raghib al-Asfahani, dina al-Mufradat fi Gharibil Quran, nguningakeun yen thayyib the

مَا تَسْتَلِذُّهُ الْحَوَاسُّ وَمَا تَسْتَلِذُّهُ النَّفْسُ

Thayyib the naon nu dirasakeun lezat ku panca indera jeung dirasakeun lezat ku jiwa.
Sedengkeun mun jadi sifat keur tuangeun, mangka thayyib mibanda harti

ما كان متناولا من حيث ما يجوز وبقدر ما يجوز ومن المكان الذي يجوز

Nyaeta nu diala tina jalan nu dimeunangkeun, ku ukuran nu dimeunangkeun, jeung tina tempat nu dimeunangkeun.
Sarta lamun jadi sifat keur manusa, mangka hartina

من تعرى من نجاسة الجهل والفسق وقبائح الأعمال وتحلى بالعلم والإيمان ومحاسن الأعمال

Jalma nu ngaleupaskeun, beberis tina kokotor kabodoan, kafasekan, sarta amal-amal nu goreng patut, tuluy make hiasan ilmu, iman, jeung amal-amal nu hade. Al-Mufradat:332
Dumasar ieu katerangan mangka urang tiasa netepkeun kacindekan yen nu dimaksud ku turunan nu thayyib the yaeta budak nu berelmu, iman, jeung amal shaleh. Budak nu saperti kitu nu dimaksud budak nu shaleh the. Tilu perkara eta teu tiasa dipisahkeun, lantaran moal jadi amal shaleh, mun dasarna lain kaimanan, sarta teu mungkin boga kaimanan nu kuat mun teu make elmu. Jadi nu dimaksud ku doa Nabi Zakaria
 Nu gusti, mugi gusti maparin turunan nu sholeh. Saestuna Anjeun Maha Nu Ngadangu doa
Budak nu saperti kitu nu baris ngadoakeun ibu-ramana, jadi penerus jeung pelanjut kalanggengan amal sepuh dina mangsa kahareup. Sajabana ti eta, istigfar budak nu thayyib baris ngaronjatkeun ajen pangajen ibu-ramana di sawarga. Dawuhan Rasul
إِنَّ اللَّهَ عَزَّ وَجَلَّ لَيَرْفَعُ الدَّرَجَةَ لِلْعَبْدِ الصَّالِحِ فِي الْجَنَّةِ فَيَقُولُ يَا رَبِّ أَنَّى لِي هَذِهِ فَيَقُولُ بِاسْتِغْفَارِ وَلَدِكَ لَكَ
Saestuna Allah baris ngangkat darajat hamba nu shaleh di sawarga, tuluy eta jalma nyarita, “Nun Gusti, kumaha sangkan abdi ngapimilik darajat nu saperti kitu?” Allah gadawuh, “Ku istighfar budak anjeun pikeun anjeun” H.r. Ahmad, Msunad Ahmad II:509.

Urang sadaya tiasa ngucapkeun doa Nabi Zakaria pikeun diri urang. Namung sanes hartosna yen urang hoyong dimaparin turunan nu bakal jadi Nabi saperti diijabahna doa Nabi Zakaria ku lahirna Nabi Yahya, lantaran moal aya nabi deui saparantos Rasulullah saw., tapi nu dipiharep nyaeta turunan nu boga sifat-sifat seperti para nabi, nyaeta thayyib (boga elmu nu luhur, iman nu seseg, sarta amal nu hade).
Lamun hidep duaan miharep hayang boga turunan nu sholeh, mangka hidep duaan kudu bisa jadi indung-bapak nu sholeh. Kumaha carana? aya syarat-syarat anu perlu dicumponan:
(1)   Kudu getol ngaji, thalab elmu sangkan ngarti bari surti kana agama. Dawuhan Rasul

إذا أراد الله بأهل بيت خيرا فقههم في الدين

Upami Allah bade ngersakeun kahadean hiji rumah tangga/kulawarga, Allah bakal maparin pangarti kana agama. H.r. al-Baihaqi
Al-Fiqhu fid Din lain terang kana agama tapi ngarti bari surti. Eta sababna nu ngarti kana agama mah sagala kaperluan rumah tanggana oge kaayaanana teu matak sarekseuk katingalna, matak kabita nu ningali, matak genah kana manah. Di mana aya rizkina syukur, nalika kurang rizkina sabar.
(2)   Kudu getol ibadah
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّه عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ إِنَّ اللَّهَ تَعَالَى يَقُولُ يَا ابْنَ آدَمَ تَفَرَّغْ لِعِبَادَتِي أَمْلَأْ صَدْرَكَ غِنًى وَأَسُدَّ فَقْرَكَ وَإِلَّا تَفْعَلْ مَلَأْتُ يَدَيْكَ شُغْلًا وَلَمْ أَسُدَّ فَقْرَكَ – رواه الترمذي  –
Prak kudu ngahaja nyempetkeun/nyiapkeun waktu, reureuh heula tina kasibukan, tina kapentingan dunya anjeun pikeun ibadah, taat ka kaula, tinangtu ku kaula hate anjeun bakal dipinuhan ku kabeungharan sarta ku kaula bakal dicumponan sagala kabutuh anjeun. Lamun anjeun teu ngahajakeun nyadiakeun waktu, ku kaula diri anjeun bakal dipinuhan ku kasibukan, sarta sagala kabutuh anjeun moal dicumponan
Janten jalma anu benghar mah lain anu loba hartana, tapi nu loba uruseunana, gede pikeun tanggungjawabeunana engke jaga di akherat.

Tah sakitu amanat ti sim kuring mudah-mudahan sasieureun sabenjeureun aya mangfaatna keur hidep duaan nalika ngajalankeun kahirupan rumah tangga. mugia Allah maparin berkah kahidep panganten lalaki, dina kaayaan bungah sarta susah, lantaran istri anjeun the amanah ti Allah nu kudu dijaga diriksa, sarta hidep boga tanggungjawab salaku pamingpin dina ngawujudkeun kulawarga nu saroleh, mugia Allah ngumpulkeun hidep duaan dina kasaean, sahingga pantes jadi conto pikeun budak-budak hidep duaan.
 Barakallahu laka wabaraka alaika wajama’a baina kuma fi khairin
Facebook Twitter Google+
Back To Top